Tuesday, February 12, 2013

ciamis kidul hareupan anyar

 http://multiply.com/mu/urangpakidulan/logo/1/100x100 Fenomena kahayang papisahna hiji wewengkon pikeun nyieun wewengkon otonomi sorangan ngaliwatan mekanisme pemekaran wewengkon anu geus di rencanakan sacara top down atawa ngaliwatan bongbolongan wargana ayeuna némbongkeun kahayang masarakat wewengkon kasebut pikeun nampa benefit anu leuwih badag ti prosés pangwangunan digigireun / sabeulah hahalang-hahalang anu tejadi sacara administrasi alatan jauhna lokasi geografis wewengkon kasebut ti puseur kakawasaan propinsi/kabupaten, kurangna pangladén umum dll.

Paribahasa

Pribahasa di bagi 4:
  1. Paribahasa wawacan luang, Paribahasa anu eusina ngebrehkeun pangalaman anu lumirah di masyarakat mangrupa bahan babandingan pikeun laku-lampah urang. contona : Ayakan mah tara menang kancra (usaha nu modalna leutik mah moal untungna gede)
  2. Paribahasa  pangjurung laku hade, anu eusina ngajurung sangkan ngalakukeun pagawean anu hade sarta mantak untung. contona: Ari di arah subana, kudu dijaga catangna (lamun aya barang anu diala hasilna, kudu piara eunya-eunya)
  3. Paribahasa panyaram lampah salah, paribahasa anu eusina panyaram sangkan ulah migawe anu mantak rugi, boh keur sorangan atawa batur. contona: cul dog-dog tinggal igel (ninggalkeun pagawean anu teu perlu)
  4. Paribahasa pepeling, eusina nasehat atawa pituah. contona : ulah gindi pikir belah bayah (ulah boga hate goreng jeung goreng sangka)

Musikalisasi Puisi

A.  Puisi
 Musikalisasi puisi teh nyaeta nembangkeun atawa ngawihkeun puisi. Musikalisasi di sebutkeun bisa oge ngarobah puisi, anu biasana di baga di pirig ku musik atawa tatabuhan.
B. Mikawanoh Musikalisasi Puisi
 Naon ari musikalisai teh? Bisa jadi eta pananya teh aya diri hideup saenyana mah ngan istilah wungkul anu anyar teh. da ari dina prakna mah , geus dilaksanakeun ku urang sunda ti beh ditu keneh. Tong jauh-jauh, taun 60-an, upamana Mang Koko Koswara geus nyanyikeun lagu nu rumpakanna di cikot tina sajak. Upamana bae lagu "Kembang Tanjung Panineungan"   tina sajak karya Wahyu Wibisana, "Kembang Impian" tina sajak Dedy Windya. "Bulan Dagoan"  tina sajak karya R.A.F, jeung 'Hariring nu Kungsi Nyanding' tina sajak karya Winarya Art.
Anyar-anyar karya Ferry Curtis nyieun musikalisasi puisi tina karya 60 di suwarna jeung Rahmat M.Sas.Karana . Malah rekamana  oge sumebar. Dian Hendrayana Ngagarap musikalisasi puisi karya ti panglawungan pangarang sastra sunda (PPSS) pikeun di rekam.