Tuesday, February 12, 2013

Paribahasa

Pribahasa di bagi 4:
  1. Paribahasa wawacan luang, Paribahasa anu eusina ngebrehkeun pangalaman anu lumirah di masyarakat mangrupa bahan babandingan pikeun laku-lampah urang. contona : Ayakan mah tara menang kancra (usaha nu modalna leutik mah moal untungna gede)
  2. Paribahasa  pangjurung laku hade, anu eusina ngajurung sangkan ngalakukeun pagawean anu hade sarta mantak untung. contona: Ari di arah subana, kudu dijaga catangna (lamun aya barang anu diala hasilna, kudu piara eunya-eunya)
  3. Paribahasa panyaram lampah salah, paribahasa anu eusina panyaram sangkan ulah migawe anu mantak rugi, boh keur sorangan atawa batur. contona: cul dog-dog tinggal igel (ninggalkeun pagawean anu teu perlu)
  4. Paribahasa pepeling, eusina nasehat atawa pituah. contona : ulah gindi pikir belah bayah (ulah boga hate goreng jeung goreng sangka)

No comments: